Menu Utama Pilih Lirik Lagu

Eling-Eling Umat - Ebith Beat A

Eling-Eling Umat

Lirik Lagu Nasyid

Ebith Beat A



Eling-eling umat muslimin muslimat

Hayu urang berjamaah solat, solat, solat

Eta kawajiban urang keur di dunia

Kangge beukeul jaga urang di akhirat



Eling-eling umat muslimin muslimat

Hayu urang berjamaah solat, solat, solat

Eta kawajiban urang keur di dunia

Kangge beukeul jaga urang di akhirat



Urang tos terang sadayana

Nunamina muslim teh sa’entos ngucapkeun

ngikrarkeun dua kalimat syahadat

Teras urang ngalaksanakeun

kawajiban solat nu lima waktu

Keudah tepat waktu, ulah hilaf ulah telat

Kumargi solat tos kaliwat moal tiasa deui uih

sapanjang hayat



Eta solatna genah tumaninah, teu keudah

rusuh

Komo deui lamun solatna asa diburu-buru

Solatna lamun tiasa mah keudah khusu

Manjatkeun doa nu dipanuju ka Allah

robbanawalakalhamdu

Ya Allah mugia du’a-du’a nu ku urang

dipanjatkeun dikabulkeun



Eling-eling umat muslimin muslimat

Hayu urang berjamaah solat, solat, solat

Eta Kawajiban urang keur di dunia

Kangge beukeul jaga urang di akhirat



Yu mangga urang sadayana

urang leureuskeun solat urang sadaya

Subuh, lohor, asar, magrib, sareung isa

Ulah hilap ku urang dilakukeun

Kumargi eta kawajiban

Sareung solat teh tihangna agama

Sing saha-saha jalma nu ngadeugkeun solat

Berarti jalma eta ngawangun agama



Eta solatna berjamaah

ningkatkeun ukuwah islamiyah

Mageuhkeun tali silaturahmi

Kengeng berkah rido ilahi

Allah nu maha kawasa

Mugia ngabulkeun du’a-du’a urang

sadayana



Eling-eling umat muslimin muslimat

Hayu urang berjamaah solat solat solat

Eta kawajiban urang keur di dunia

Kangge beukeul jaga urang di akhirat



Eling-eling umat muslimin muslimat

hayu urang berjamaah solat, solat, solat

Eta kawajiban urang keur di dunia

kangge beukeul jaga urang di akhirat